KUSABAB ANAK ÉNTOG


Ku Lia Laeli Muniroh

Lia Laeli Muniroh


Kahayang teh ahir bulan sing buru-buru anggeusan. Geus hayang awal bulan, hayang papanggih jeung duit nu jaleugeur. Nepika kieu ari ahir bulannya. Kokotéténgan neangan duit kencring dikumpulkeun. Sarebu-sarebu dihijikeun. Siga isuk-isuk ayeuna, geus teu kuat hayang ngopi. Lumayan mukaan eusi dompet, menang opat rebu kanjat menang dua bungkus kopi sasetan.
Cur kopi ditunyuh ku cai panas menang ngagolakeun tina kompor. Padahalmah aya cai panas dina termos gé. Ngan hoream sok asa beda rasana ari ku cai termos mah, komo mun rada baleuy kalah sok sebel kana peujit.
Niat teh rék nongkrong bari ngopi di imah si ema bari jeung nyinghareupan hui menang ngulub. Anu koneng tea jerona. Eueundogna cenah ceuk kolotmah sok alus keur ngubaran nu boga panyakit peujit. Lambung tea merennya. Nya puguh jaman kiwari rék kumaha teu baroga panyakit lambung, sagala rupa kadaharan loba nu instan, sabab loba kadaharan kari am. Siga sosis geuning. Nu kumaha wae ayeunamah pan kari hap, sup kana baham. Teu kudu digoreng heula. Sajaba ti eta rupa-rupa camilan sagala aya anu maké pewarna, pengawet jeung peu peu nu sejéna.
Dua gelas kopi sasétan geus ditinyuh. Sok ditendeun dina meja di tepas. Pikiran teh rék neangan heula hui. Tadi isuk-isuk asa geus ningali hui geus diberesihan. Sugan ari geus jam salapanmah geus asak.
“Ma … di mana hui tea. Geus asak?”
“Naon da euncan. Karek dikumbahan we. Tuh diantep di deket hawu.”
Ngan bisa gogodeg. Nya kumaha bisa can kaasakan wayah kieu. Geus rada beurang. Sugan teh geus kari am dahar. Nya geus atuh kapaksa ngahurungkeun seuneu ka hawu. Hui nu geus ngentép dina langseung ditaekeun kana catang hawu. Dur, seuneu ngagedur. Teu kungsi lila karek inget kana kopi. Deuuhh, kabayang kopi di tepas geus tiis mantén. Geus moal balég ieu mah ngopi teu puguh euweuh lalawuhna.
Di asur-asur suluh sangkan seuneu gedé. Ieu mah jauh tina pasawangan. Kahayang mah kabayang ngopi sruput-sruput jeung hui. Lah kieu caritanamah kalah matak meaken waktu. Jaba loba gawéan poé ayeuna teh. Ahir bulan téa geuning sagala digawéan keur nombokan kakurangan pangabutuh sapopoé. Geuslah pasrah. Baé sing ngagedur wé eta seuneu, méh hui gancang asakna.
Si ema ngarayap nuturkeun ka hawu. Poknateh rek nyeuneuan hui.
“Ahh …tos welah ku abi.”
“Nya geus atuh. Kajeun. Rek maraban entog we jeung anak hayam.”
Si ema mengkol ka belah wetan muka panto rek marab entog jeng anak hayam bari mamawa baskom beureum nu dieusian ku huut menang ngocékeun. Katingali sarérét. Ungkuy-ungkuyan ngagebahkeun entog nu lempangna ngagéboy. Keun baelah kumaha kahayang kolot, ari sakudunamah geus kolotmah cicing lain loba kahayang maké kukat kukut. Matak nambahan pagawéan. Tapi, amun dipikir-pikir deui. Maning ogé loba gerak dari pada cicing. Marukan kumaha ari kolot geus ngaleuwihan genep puluh taun. Lamun cicing gé nya kalaluman. Ari kukat kukut mah aya gerak meureun teu bosen teuing hirup. Ongkoh aya kagiatan, bari manfaat ngurus sato mahluk pangeran.
Sigana hui geus asak da geus asa lila nyuluhan teh. Rék diilikan sugan hui geus hipu. Maké suluh nu panjang diasupkeun kana cecentil langseng. Prak dibuka tutup langseung. Ku cukil plastik warna bodas. Dicobaan dicokot hiji. Dicecebkeun, ning geus aya nu hipu. Geus asak. Barang rék nyokot piring keur wadah hui nu geus asak. Prakk, sora kacida tarikna siga aya nu labuh tigujubar ka balong.
Teu kungsi maké komando, eta suku lumpat saterekebeuk. Si ema geus ngabeubeungkang dina balong.
“Na kumaha bisa labuh?” bari nyodorkeun leungen ngajéwang nyokot si ema tina balong.
Katingali aya geutih dina bitis jeung talapak leungeunna.
“Cing tulungan yeu si ema labuh.”
Sigana ieumah kudu dibawa ka tukang urut bisi kumaha onam.
“Na keur kumaha eta,” tanya adi nu barang datang ningali si Mamah nu geus cicing di sisi balong. Lain nulungan, kalah nyeungseirukeun sanggeus si ema gajelaskeun kajadian.
“Eta nénéangan anak entog hiji deui can nyatu. Sigana asup kana jeuro rungkun,”
“Lah … ngadoréksakeun anak éntog teh. Geuslah teu kudu ngungurus éntog deui.”
“Meureun ieu teh salah ngaléngkah, eta suku tisoledat. Jadi tigeujeubur ngabeubeungkang dina balong.”
“Ieu deuih, ka sisi balong make selop jangkung. Geuslah urang duruk.”
Sapasang senal selop warna cokelat dijinjing. Sup sabeulah diasupkeun kana hawu. Jol ngagedur seuneu ngagedéan.
“Sok bawa si ema ka cai, sina cicing.”
Sapiring hui dibawa ka tepas bari ngopi nu geus tiis. Baelah, maning telat gé dari pada euweuh lalawuhna.
Saméméh hui asup kana baham. Jol si ema ingkrud-ingkrudan bari nyingsatkeun samping motip kembang warna hejo ngora.
“Kumaha rék ka Pa Wadi?”
Pa Wadi tukang urut langganan. Jalma nu kacilakan, boh potong leungeun atawa misalah biasana sok dibawa ka manehna. Tisajaba bageur, pa Wadi sok gedé bodor, ogé teu ngahargakeun. Urang méré sawilasana.
“Maning ka pa Wadi bisi kuma onam, Mah.”
“Moal, ahh.”
“Kumaha atuh?”
“Moal … bae kadieukeun wé duitna.”
Nu teu hayang seuri gé, ngadadak jadi hayang nyakakak ningali tingkah paripolah kolot. Héjo kana duitmah.


Garut, Juli 2025

Bionarasi
Lia Laeli Muniroh. Ngajar Basa Indonesia jeung basa Sunda di MA Plus Al Mujammil, Garut-Jawa Barat. Resep nulis dina wangun sajak, carpon/cerpen, jurnalistik, artikel, esei jsb boh dina Basa Indonesia atawa Basa Sunda (lolobana dina basa Indonesia). Ti mimiti taun 2021 tulisanana dimuat ku media massa nasional cetak jeung digital saperti: Kompas.id, Radar Bromo, Radar Kediri, Radar Banyuwangi, Mbludus.com, Cendananews.com, AyoBandung.com, Riau Sastra. Idestra, Bali Politka, Suara Merdeka, Manglé,KBA News, dll. Domisili di Kabupaten Garut, Jawa Barat. Menangkeun sababaraha kali lomba nulis sastra. Buku nu geus medal: Anak Rantau jadi CEO (Memoar, 2022), Warisan Cinta Penjerat Asa (Novel, 2022) Dari Lelah Hingga Berdusta (Kumcer, 2023) WA: 081222870878, IG: @lialaelimuniroh, FB: Lia Laeli Muniroh, Twitter: @lia_laeli, ID Line: lialaelimuniroh1984


Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *