Description
Ari wangun karangan nu ditulisna “cangkorang-bongkang” bin campur-aduk. Aya sajak, éséi, sawangan, memoar, cerpen/carpon jrrd. Pikeun kuring masalah wangun karangan teu ieuh jadi pikiran. Nu pentingah nulis; sagala nu nyampaak dina sirah kagolontorkeun. Nulisna, aya dina wanda Sunda atawa basa Indonesia. Paduli teuing samakbruk gé, puguh dibacana ku sorangan!
Éta kabiasaan kabawa tug ka kiwari. Numatak tulisan dina ieu buku “gado-gado” nyéta adu-manis carpon humor jeung mémoar. Ceuk pangrasa, keun baé dihijikeun gé méh karasa “uyah-gulana”. Da nu nangtukeun alus-henteuna hiji tulisan, nu paling utama, nu maraca. Lain nu nulis.
Penulis: Ade Fathurohim
Editor: Zaenal Muttaqin
Penyunting: Lia Laeli Muniroh
Penata Sampul: Alma Zahra Tunnisa
Penata Letak: Tim Niaga Muda







Reviews
There are no reviews yet.